Nadhoman Sunda Untuk Dakwah

Assalamualaikum wr wb
salam santri semuanya kali ini kang Azeet mau ngeshare nadhoman nadhoman y ang sering digunakan dalam berdakwah untuk lagamnya bisa sorogan langsung ke FB kang Azeet klik aja di sini
langsung saja ini dia..

NADHOMAN TANEH

minha kholaknakum
wa fiha nuidukum
wa minha nuhrijukum tarotan ukhro

dina taneh anjeun di jieun
kana taneh anjeun dibalikeun
dina taneh anjeun dikaluarkeun dina waktu anu sejen

from the soil you are was making
to the soil you are wiil be came back
from the soil you are will bw get up
in the time the other time


NADHOMAN SYUKUR

lainsyakartum laazidannakum walaingkafartum inna adzabi lasyadid

lamun jalma salukuran kana nikmat ti pangeran , tangtu nikmat di tambahan nu aya ge di lewihan

tapi lamun teu syukuran kana nikmat ti pangeran tangtu nikmat di kurangan nu aya ge di lengitkeun



MAOT

almau tati bagtatan
wal qobru sunduqul amal
isbir ala ahwaliha
la mauta illa bil ajal

gening maot ngadodoho
boro sok di poho poho
datangna teu mere nyaho
ngageretek taya tempo

taya berang taya peting
taya raja taya aing
dimana ajal tos sumping
teu bisa engke anaking

NADHOMAN PANGBALIKAN JALMA

wabiannamar jia muslimin lijananihi
wabiannamarjia kafirin lajahannamu

pangbalikan jalma muslimin kasawargana
pangbalikan jalma kafirin kanarakana

jalma muslim di giringkeun
ka sawarga di lebeutkeun
taya anu dilewatan
kabeh oge di lebetkeun

jalma kafir di giringkeun
ka naraka di gebruskeun
taya anu di lewatan
kabeh oge di gebruskeun

irhas nabi

babar taya kokotoran
orok lir kenging nyepitan
soca lir kenging nyipatan
sarta harum sesengitan

beda lamun jelemamah

babar loba kokotoran
orok can kenging nyepitan
soca bolotot cilehan
sarta bau kahitutan

NADHOMAN WANITA SHOLEHAH

addunya mataun wa khoeru mataain imroatun solihatun

ciri istri anu solehah
jaga tingkah pari polah
ngucap henteu sagawayah
ninggal na ge matak ngenah

nutup kana aurat na
ngahormat ka salakina
taat kana parentahna
qurán hadist jeng agama

mun anu goreng adat mah nadomana kieu :

abimah sok ngaraos risi
ningal istri jaman kiwari
di dandan jiga lalaki
teu sieunen ku ilahi
abimah sok palalaur
tinggal erok semet tuur
lila lila semet bujur
padahal bakal di kubur

sarung diganti ku erok
cenah ngarah teu karagok
padahal gampang di kodok
lila lila bijil orok

NADHOMAN ISTRI VS SUAMI

jagalah istri jangan kau sakiti
tangisan istri tangisnya bidadari

jagalah suami jangan kau hianati
idzinkan suami saat menikah lagi

nadhoman fadilah solat berjamaah

eling eling umat muslimin muslimat hayu urang berjamaah dina solat
estu kawajiban urang hirup di dunia
pikeun pibekeuleun urang di ahirat

anu ngalanggeunkeun solat berjamaah
eta aya lima kauntunganana
hiji di lengitkeun kafaqiranana
dua di lengitkeun siksaan kuburna

tilu di bere buku ti katuhuna
opat bakal ngaliwatan cukangna
cara kilat nyamber bawaning lepasna
lima teu di hisab asup ka surgana

NADHOMAN 7 GOLONGAN

Umat nabi dicawiskeun di surga 7 golongan
Kahiji budak nu noman getol tobat ka pangeran

Kadua jalma berehan sodakoh teu ditembongkeun
Katilu nu unggal dinteun solat duha di dawamkeun

Opat tukang berjamaah sanajan loba kariweuh
Lengit dunia henteu nyaah batan tinggal berjamaah
Ari anu kalimana resep ngariung jeng ulama
Ngadangukeun pituturna sangkan bagja aheratna

Ari anu kagenepna jalma nu ngocor cipanon
Bangeut isin kapangeran  dosa alit ditobatan

Ari anu katujuhna jalama anu tara jinah
Najan gelis nungagoda da sieun sene naraka

NADHOMAN LIR ILER

Lir ilir lir ilir tandure wis sumilir
Tak ijo royo royo tak senggo pematen anyar

Cah angon cah angon penekno blimbing kuwi
Lunyu, lunyu yo penekno kanggo mbasuh dodotiro

Dodotiro, dodotiro kumitir bedha ing pinggir
Dondo mono jlo matono kanggo mengko sore sore
Mumpung jembar kelakane

NADHOMAN WARNING

Hei barudak sing areling
Ieu zaman geus tos tiguling
Lalaki loba nu maling
Maling sela sela ping-ping

Matak omat ka abege
Terutama ka awewe
Tong hayang diajak sare
Mun can boga sttb

Matak pepejeuh ka istri
Tutup aurat kudu buni
Tong nembongat aurat diri
Bisi ngacai aki aki

Doa panyaang hate

Dush gusti abi tulungan
Hate abi pang nyandakeun
Sina eling ka pangeran
Ulah aya anu sejen

Dush gusti abi tulungan
Abi teh kekeleubekan
Na lautan kapohoan
Ti teleum ku kadunia’án

Hate abi pang nyandakeun
Sina eling ka pangeran
Hate abi tong dipoekeun
Ku poekna kaduniaán

Hate abdi mopohokeun
Maot teh di dedeketeun
Gigir awak sakujureun
Hate abdi pang yandakeun

Diri ceurik kanyerian
Mun maot teu mawa iman
Sebab goflah ka pangeran
Titeleum ku kadunian

Gusti allah nu kawasa
kana ngahampura dosa
Dosa letik jeng gedena

Ngahijab rido allahna

Sekian dulu baraya semoga bermanfaat 

Wassalamualaikum wr. wb.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pantun Vareasi Dakwah Bahasa Sunda

Pribahasa Sunda dan Artinya

Pantun Dakwah dan MC bahasa Sunda