Pamekar Bahasa untuk Ceramah Bahasa Sunda

Assalamualaikum wr. wb.
dalam ceramah dan dakwah yang berbahasa sunda biasanya selalu menggunakan sastra sunda dalam pamekar bahasa fungsinya untuk mengambil perhatian agar mustamiin terkesima yah walaupun terkadang terlalu kolot bahasanya hihi :D langsung aja


Terkenal
Kakoncara sajagat raya, terkenal di dunia nasional,  terhebat di dunia akherat bahkan melecit sa isi langit

Basmalah
Kalimah anu ngenah kana bayah, matak sumringah kana manah, kata saktri mandra guna, kecap nu ngocepat, di aji matak sakti, mundibaca matak bagja nyatana bacaan basmallah

Soanteun anu ngenah
Soanteun nu ngagalindeng tiis nyelecep matak ngeleketey kana lambeuy ngeleketek kana kelek ngulukutuk kana pupuluk ngolokotok kanu popolok

Gagah
Anjeuna gagah lir ibarat gatot kaca, sakti mandra guna lir bang-bang siaswatama, kulit besi urat kawat tulang baja , bulu buuk sapu injuk, bulu godeg gobed, bulu jangot ngagoyot bulu kumis sagede tai, bulu betis keris bula, kanjut pecut.

Kuat aqidah
Cing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh ikeut, teu gedar kaanginan, teu leeh ka panasan, teu lindu kahujanan, rawe rawe lantas malang malang putung.

Nasehat
Pamugia pitutur nu tos kacatur, nasehat nu kaucap, tiasa di tampi ku ati sanubari, kalaku kuprilaku, ka amalkeun ku pagawean, anu malar ngasilkeun kamanfaataan.

Tindak prilaku
Titi tata tindak tanduk jog jog peryoga rengkah pari polah kalakuan, kepat kepit awak jeng birit, kabeh bakal aya balitungan


Al – qur’an
Bacaan mukjizat nu eusina mani hebat, loba jelema nu tajubat, ku bacaan nu ngocepat, nyaangan kanu kapoekan, ngabungahkeun kanu kapilaraan, jadi pepende kanu rarehe.

Gelis
Gelisna kawantim – wanti endahna kabina bina, lir bidadari desa nu di puji jeng di puja, tarang jamentrangan, irung uwung uwungan, pipi ngadaun sereh, body bak biola eropa kulit putih mulus matak nyoledat kutu jeng lisa

Waktu

Waktu titi mangsa ngocelak teu karasa detik demi detik ngilitik ngajadi menit nu paciwit ciwit der jam anu paantai antai jadi poe nu rarehe, nyakitu dei minggu nu patumbu tumbu jadi bulan nu minuhan satahun pisan

Semoga bermanfaat....

Wassalamualaikum wr. wb.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pantun Vareasi Dakwah Bahasa Sunda

Pribahasa Sunda dan Artinya

Pantun Dakwah dan MC bahasa Sunda